B. Daerah

Pertanyaan

naon fungsi biantara?

1 Jawaban

  • Biantara nyaeta nepikeun hiji cacaritaan atawa kedalan di hareupeun jelema loba anu disusun sacara rapih tur merenah. Dina basa Indonesia mah biantara teh sok disebut pidato. Ditilik tina suasanana, aya dua rupa biantara, nyaeta biantara resmi jeung biantara teu resmi.

    Pembahasan

    Sanajan sacara umum disebutkeun di luhur yen biantara teh nyaeta nepikeun hiji cacaritaan atawa kedalan di hareupeun jalma loba, tapi sacara khusus biantara miboga sawatara rupa fungsi atawa tujuan. Di handap ieu dijentrekeun sawatara fungsi biantara atawa tujuan tina hiji biantara, nyaeta biantara teh :

    1. Pikeun mere informasi atawa pamahaman ka batur - Biantara Informatif
    2. Pikeun mangaruhan batur sangkan daek milu kana kahayang anu nepikeun biantara - Biantara Persuasif
    3. Pikeun ngayakinkeun ka batur ngeunaan hiji perkara atawa pasualan - Biantara Argumentatif
    4. Pikeun ngagambarkeun ka batur ngeunaan hiji kaayaan - Biantara Deskriptif
    5. Pikeun nyieun batur jadi gumbira - Biantara Rekreatif

    Sangkan fungsi atawa tujuan tina biantara teh bisa kahontal sacara maksimal, aya sawatara hal anu perlu diperhatikeun dina waktu nepikeun hiji biantara. Hal-hal anu perlu diperhatikeun dina biantara nyaeta nu aya patalina jeung tarik launna sora dina waktu nyarita atawa lafal, luhur handapna sora atawa lentong, pilihan kekecapan anu merenah, penjiwaan dina waktu nyarita, sarta pasemeon anu merenah.

    Dina biantara basa Sunda, anu pilihan kecap anu merenah utamana aya patalina jeung ragam basa Sunda anu digunakeun. Dina basa Sunda aya dua ragam basa, nyaeta ragam basa hormat atawa lemes jeung ragam basa loma atawa kasar. Aturan anu aya patalina jeung ragam basa Sunda disebut Tatakrama Basa Sunda. Jadi, dina nepikeun biantara kudu dilarapkeun Tatakrama Basa Sunda anu merenah.

    Pelajari lebih lanjut

    • Cara nepikeun biantara dina basa Sunda brainly.co.id/tugas/6508865
    • Struktur Biantara brainly.co.id/tugas/4601546
    • Hal-hal anu kudu diperhatikeun dina biantara brainly.co.id/tugas/4565331

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : VIII

    Mapel : Bahasa Sunda - Biantara

    Bab : 5

    Kode : 8.13.5

    Kata Kunci : Biantara, fungsi biantara

Pertanyaan Lainnya