B. Daerah

Pertanyaan

1. Novel teh kaasup karangan dina wangun...

1 Jawaban

  • Novel teh kaasup karangan dina wangun lancaran atawa anu sok disebut prosa. Aya dua rupa prosa, nyaeta prosa buhun jeung prosa anayr atawa modern. Novel kaasupna kana prosa anar atawa modern. Conto karya sastra wangun prosa modern lianna, salian ti novel, nyaeta carpon atawa carita pondok. Sedengkeun conto karya sastra wangun prosa buhun nyaeta saperti dongeng jeung carita wayang.

    Eusi carita jeung jalan carita anu aya dina novel mah leuwih panjang umpama dibandingkeun jeung carpon. Carita anu aya dina novel oge mangrupa bagean-bagean anu loba. Eusi carita anu aya dina novel mangrupa carita rekaan atawa fiksi. Sanajan carita anu aya dina novel teh mangrupa carita fiksi, carita anu aya dina novel henteu siga carita anu aya dina dongeng, carita nu aya dina novel mah bisa katarima ku akal, sedengkeun carita anu aya dina dongeng mah sok pamohalan atawa teu asup di akal jeung loba bohongna.

    Eusi carita anu aya dina novel diwangun ku basa lancaran, palakuna anu aya dina novel loba, sarta mangsa atawa waktu anu kacaritakeunana oge lila. Eusi carita anu aya dina novel aya anu dumasar kana kajadian nyata. Tapi sanajan dumasar kana kajadian anu nyata, carita anu aya dina novel mah caritana sok direka-reka ku anu ngarangna.

    Kusabab carita anu aya dina novel mah sok panjang, carita anu aya dina novel bisa nonjolkeun atawa ngebrehkeun sipat jeung watek unggal palaku sacara leuwih jelas jeung rinci, umpama dibandingkeun jeung carpon anu caritana tangtu leuwih pondok ti batan novel. Umpama carita anu aya dina carpon mah ngan saukur lima atawa sapuluh kaca majalah, carita anu aya dina novel mah eusina bisa nepi ka sukuran buku anu kandel.

Pertanyaan Lainnya