naon anu dimaksud pupujian teh
B. Daerah
ailuyitassi627
Pertanyaan
naon anu dimaksud pupujian teh
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Pupujian
Kelas : - (SD)
Pembahasan :
Pupujian nyaeta karya sastra Sunda dina wangun ugeran atawa puisi anu eusina mangrupa pepeling atawa ngadoa ka anu mahakawasa. Ditilik tina wangun eusina, aya dua rupa puisi Sunda, nyaeta puisi anu eusina mangrupa carita jeung puisi anu eusina henteu mangrupa carita.
Pupujian kaasupna kana wangun puisi anu eusina henteu mangrupa carita. Conto puisi Sunda lianna anu eusina henteu mangrupa carita, salian ti pupujian, nyaeta saperti guguritan, mantra, sisindiran, kawih jeung sajak. Sedengkeun conto puisi Sunda anu eusina mangrupa carita nyaeta saperti carita pantun jeung wawacan.